Sabtu, 13 November 2010

obat mata II

KARINGET OBAT KATARAK (?)

[asmarandana]



I

hikmah ngaos kitab suci

surah nu kadua welas

riwayat yusuf katangen

ditalungtik ku ilmuwan

di nagrina Cleopatra

mesir nagri anu buhun

anu seueur titinggalan



hikmah anu ditalungtik

ngubaran panon nu bodas

panyawat ya’qub ditoong

ditalungtik tur daria

geuningan aya hasilna

kabuktian jeung katimu

kesang aya mangpaatna



lamun nilik na teori

ari nu nami katarak

burem nu narajang panon

nu kagangguna teh lensa

sabab cahaya kahalang

nepika teu bisa asup

sawareh atawa total



lensa teh ngandung protein

nu ngentep make aturan

mun seug hiji waktu geseh

komo lamun paburantak

protein acak acakan

fungsi lensa teh kaganggu

mata jadi tuna netra



albumin hiji protein

rupana herang ngagenclang

bleg siga bobodas endog

tapi lamun kapanasan

rupana teh ngabodasan

ngagebleg kimpel nya kitu

jadina henteu transparan



katarak teh kitu geuning

mun enteng enyay-enyayan

orokaya nempo hese

anu deukeut henteu bengras

nu jauh mah komo pisan

kapaksa kudu oprasi

leuheung mun boga duitna.



ari anu anu janten margi

katarak nu nyaliara

kahiji urang kahade

panon kababuk ku urang

bisa oge ku bawaan

ti sadek lahir geus milu

duka tah naon sababna



kadua sing ati-ati

digawe sok nyanghareupan

seuneu mesin panas kabeh

sok sanajan lalaunan

lila-lina balukarna

susunan protein tangtu

'karakterna' jadi beda



salajengna kitu deui

kahade kasorot sinar

utamana anu silo

unggal waktu karandapan

tangtu eta ge bahaya

urang keuna 'radiasi'

eta teh nu jadi sabab



aya deui mun panyakit

anu matak jadi marga

misalna mah diabetes

kencing manis disebutna

bisa jadina lantaran

protein teh konsentrasi

ngumpul di palebah lensa



punten yeuh ka nini aki

yuswa anu atos panjang

sok aya nu janten lolong

nya eta mah tos tamaha

mung kedah sateuacana

atos-atos dina ngatur

keur ngajagi kasehatan



II

ngalereskeun ku oprasi

et amah atos ilahar

misalna mah ka cicendo

tempat dokter ahli mata

nu ti jaman walanda

tapi aya anu nunggu

haratis oprasi masal



ceuk ilmuwan abdul basith

enya urang mesir tea

aya tarekah nu sejen

mulangkeun normalna lensa

ku tetes karinget tea

siga conto nabi ya’qub

anu aya dina quran



make cara kimiawi

karinget jalma di’ekstrak’

’bolina’ nami katangen

nu bisa mencrangkeun lensa

hasilna teh sae pisan

leuwih ti salapan puluh

persentase jadi bengras



naha aya efek samping

nihil ceuk eta ilmuwan

boh waktuna jangka pondok

atawa keur jangka lila

jadi taya bahayana

matak henteu aneh atuh

kenging hak paten anjeuna



saterusna aya deui

salian obat katarak

eta dina panon keneh

nyaeta dina kornea

obat tetes teh mujarab

kersa gusti anu agung

panon teh bet janten normal



III

nyandak hikmah ayat suci

lamun ku urang diguar

tangtos atuh seueur keneh

kantun narekahanana

asal kersa ngalakonan

bari leukeun reujeung junun

bakal kaboker hikmahna

Tidak ada komentar:

Posting Komentar