Jumat, 28 Mei 2010

Panyakit Guru

Mimitina mah..teu pati di denge..ah dianggap biasa , basa mang Endang pareng ngawangkong soal dunya atikan di buruan imah kuring sore – sore , basa manehna keur ngalaksanakeun tugas harianana natangga....duka pedah guru jaman kiwari meunang perhatian anu rada hade boh kasejahteraan pribadi guru dina khususna ,dunya pendidikan dina umumna, tapi dunya atikan can ketembong taya undak jeung onjoyna ... sigana ceuk pamikirna, dunya atikan di di urang masih atung eneh –atung eneh. Sabada hantem di pikiran mah hate teh bet ngaenyakeun .....!
“Mangga we geura ..emut kumaha ngagolontorna dana pendidikan di urang... tapi aneh barudak teh asa teu pati undak mutuna... emang boga pamikiran sigana aya nu salah di guruna...tegesna mah panyakit kronis nu susah ngubaranana.. bangunan harade... alat alat oge kaitung kumplit jeung modern..!” Mang Endang muka obrolan.
“ Baruk .. guruna mang...asana da ketembong atuh saruhud ngalajarna mah.. !” kuring nempas.
“ Saur saha abdi nyebat guru ngedul... suhud kacida ngan rupina aya panyawat nu ngaganggu kasuhudan jeung kadisiplinanana...!” ceuk Mang Endang.
“ Geuring .. geuring naon ari si emang... sakitu sarehat.. karasep jeung gareulisna..”!. kuring can bisa neguh naon panyakit nu dimaksud mang Endang.
“ Salirana mah muhun mung batinna .. ceuk pamendak emang aya 11 panyawat nu aya di Guru :
Kahiji : TIPES, Tidak Punya Selera mengajar yang menyenangkan,
Kadua:MUAL, Mutu mengajar Amat Lemah dan Lemot,
Katilu:KUDIS, Kurang Disiplin dalam mengajar,
Kaopat:ASMA,Asal Masuk Kelas saja,
Kalima:KUSTA, Kurang punya Strategi mengajar,
Kagenep:T B C, Tidak Bisa Computer,
Katujuh: KRAM, Kurang Terampil,
Kadalapan:ASAM URAT,Asal Sampaikan Materi Urutannya kurang Akurat,
Kasalapan:LESU, Lemah Sumber informasi,
Kasapuluh:DIARE, Di kelas Anak-anak di Remehkan,
Kasabelas:GINJAL, Gaji awal bulan Nihil,Jarang Aktif dan Lamban berfikir.
Kuring apai –api teu ngadenge, padahal hate ngaenyakeun , bisi kapapanjangan kuring nyarita:
“aeh geus ampir Magrib mang , asa hareudang ieu teh rek mandi heula memeh ka tajug.. !” kuring amitan ... poho yen mang Endang teh tamu... alatan hate ngaguruh asa di dongdolek ku pantar mang Endang tukang Beca nu sok rajin nganteur induk barudak balanja ka pasar... !.
Cag

Tasik,ahad 18 April 2010 wanci sareureuh kolot
(haturan ka rerencangan Guru di mana bae ayana)

Naha enya Alloh Aya?

Si mang Endang keur di cukur, ti saprak diuk dina jojodog tukang cukur... eta tukang cukur .. ngabuih nyaritakeun Alloh...Euweuh ceunah Alloh teh....da lamun aya mah... anu ceunah mah Alloh teh bageur Rohman tur Rohiim .. , Mun bener Alloh kitu.... moal aya barudak sumedeng sakola ngamen sisi jalan..moal aya barang maen nu ngajabeg hareupeun masjid agung bubar jumaah...moal aya nu masakat kurang nyatu ... mun aya mahAlloh teh pasti moal aya kalaparan.
Mang Endang melenguk weh ... rek ngaenyakeun paur kawalat kufur ,reuk maido da puguh nyampak buktina..... !
Nepi ka beres di cukur,sarta babayar... Mang Endang can manggih jawaban. Bari ngaboseh becana sirahna muter mikiran obrolan tukang cukur....!.
Bray......pijawabeun ka tukang cukur ngolebat sanggeus nempo nu gelo ...buukna gondrong teu kaurus..,. Satengah di paksa nu gelo disered... -beca mah cul di tinggalkeun sisi jalan- di bawa ka tukang cukur .. kabeneran si tukang cukur keur nyalse....tina lawang keneh oge mang Endang geus gogorowokan :
“Behna mah euweuh saurang oge tukang cukur teh....”!
Tukang cukur rewaseun.. sarta ngagorowok teu eleh tarik
“Ceuk saha euweuh kan ngajegir.... kuring buktina. !” jawab tukang cukur nembalan.
“Buktina ... lamun aya mah tukang cukur ieu nu gelo pasti rapih moal cawigwig kieu... “ Mang Endang teu eleh sewot!
“Salah manehna sorangan....teu daekeun nyampeurkeun.. jeung kuring na oge teu sudi nyukuran jalma pikagilaeun mah...!”Tukang cukur nyeuneu.
“Logika ...anjeun ....( punten ieu mah tukang beca na rada nyakola da mani terang istilah logika sagala) nyebut Alloh euweuh.... terbantahkan.... lain Alloh euweuh... sakumaha panyangka anjeun.. ngan jelemana teu daek datang ka Alloh... sarta jelemana boga kalakuan nu matak pikaijideun Alloh... you Know ?.... Wassalam... permios.. ! mang Endang amitan.
Tukang cukur ngahuleng........
Tasik ,ampir tengah peting tangal 8 bulan april 2010

Wasiat Aheng

Karek oge ngaluarkeun beca , Bi Itoh pamajikan Mang Endang hariweusweus ngabejaan Pa Kardian maot .
“Iraha cenah emana maotna ?” Mang Endang nanya .
“Ceuk si Agus mah bieu ... tabuh genepan, di rumah sakit !” jawab bi Itoh
“ Wayahna wae emana kula moal waka balangsiar rek ngalayad heula , peuperiheun waktu di Rumah Sakit teu ngalongok...” ceuk mang Endang , bari buru-buru nyurungkeun deui becana ka pipir imah.
“Heg ... jung bae ti heula kami mah engke bae bareng jeung si Titi !” Bi Itoh ngajurungkeun.
Enya bae ... barang mang Endang datang ka imah Pa Kardian, jelema geus ngagimbung... bari tamba kesel ngarobrol , rereana ngobrolkeun kahadean almarhum.
“Waas nya eta hartana nu ngaleuya bagean Cep Udung we ..putra hiji-hijina da ibuna mah tos lami pupusna!” ceuk nu baju biru
“ Jauh tanah ka langit nya Bapa jeung anak... !” ceuk nu baju batik
“Ari kitu?” nu baju koko nanya.
“ Al marhum mah kumaha berehananana.. jeung teu kekedemes kana dunya teh ,benten jeung putrana babadug, totojer, sisiku, leletak kana dunya teh mani siga nu moal maot...”si baju batik ngajelaskeun.
“Ka gegeringan ku putra Pa Kardian mah .. boga anak ngan saese teh .. hese pisan dipapatahanana!”
“Emh watir ka al marhum ... palias eta harta warisan ku putrana di pake teu pararuguh!” lalaki tengah tuwuh mairan.
“ Mudah-mudahan we ulah”! si baju koko ngaminan.
Heong.. ambulan asup ka pakarangan.... rob jelema pada muru ... pada hayang nempo... Pa RT cuh cih paparentah..... Layon digotong tina ambulan di ka imahkeun rob jelema metet di lawang panto, Hansip popolotot ngatur jelema..... ear nu careurik jeung midangdam...!
Dimandian... lancar teu aya naon-naon.... barang rek di bungkus...cep Udung ngadeukeuten amil.
“ Pa Amil aya wasiat ti pun bapa... mun bapa maot peupeujeuh pang makekeun dina awak bapa ku barang anu di pikameumeut ku bapa... ieu barangna.. !” Ceuk cep Udung bari song ngasongkeun bungkusan , rapih malah di lak sagala.
“Cikan buka...!” parentah Amil
Barang dibuka horeng barang nu dipikameumeut teh ngan sakadar kaos kaki butut sabeulah... !
Dur der parebut faham ... kudu dipakekeun da wasiat. Ulah dipakekeun dan euweuh conto jeung teu nyunah ... prosesi mungkus kateug ... amil pacental-cental jeung cep Udung, RT nitah si Idin neang Ajengan ....Ajengan sumping... cep Udung beuki neungtreung...!
“Peupeuriheun nuju jumeneng na abdi koret ka sepuh teh... cing atuh pilakadar ngalaksanakeun wasiat ... na mani teu aya dispensasi pisan.. “!cep Udung lumengis
“ Sakali teu tiasa ... teu tiasa .. da teu aya conto... “!Ajengan mere putusan.
Cep Udung nguyung...Amil elekesekeng.. . Ajengan keukeuh dina putusanana.
“Manawi abdi diwidian masihan bongbolongan ... !” Mang Endang nyelendep ka hareup.
Ajengan rungah –ringeuh... tapi teu burung unggeuk.
“Kumaha wasiat tuang rama teh cep”! mang Endang nanya ka cep Udung.
Bari arat at- eureut eut cep Udung nyaritakeun wasiatna:
“Jang bapa wasiat ka hidep... bapa teh boga barang nu ngandung sajarah ...barang warisan ti aki hidep... peupeujeuh mun bapa maot... pangmakekeun dina layon bapa... !” cep Udung ngabejakeun wasiat bapana.
“Mana barangna.. ?” Mang Endang nanya.
“Ieu .... !” Amil hideng nyodorkeun.
‘Cep... ieu mah wasiat aheng... teu dilaksanakeun ka tuang rama oge ..insya alloh moal matak janten dosa, emang ngajamin.. ieu .. mah wasiat ka encep... yen sakumaha jugalana harta... horeng geuning harta nu meunang dug-dug sek paeh poso neanganana, leletak. Sisiku , babadug dug hulu pet solat waktos maot mah teu aya nu di bawa... sok sanaos mung sakadar kaos kaki butut sabeulah oge...! mung sakitu .. geura bungkus Pa Amil... geus beurang yeuh kula can balangsiar...neangan kabutuh poe ieu ... meungpeung hirup .. dan teu ngajamin poe isuk kula masih hirup... mun waktuna nyalatkeun jeung nguburkeun kula teang di parapatan... permios nun... “! Mang Endang mungkas .

Tasik. Tengah poe keu meumeujeuhna bayeungyang 04 mei2010
Keur saha bae... bebas lah !

POHO KANU SAGALA NYAHO

Mun urang ka dokter pasti urang bakal ditanya:”Naon nu karaos?, tos sabaraha lami? Terus dokter mariksa..song mere resep... atawa obat… najan pait jaba mahal… teu ieuh jadi bangbaluh, sabab percaya yen ieu bakal ngaleupaskeun bangbaluh.. jeung bakal nyenangkeun hirup…!
Mobil urang.. motor urang mogok .. .indit ka bengkel… memeh nanaon bengkel nanya “Kunaon… sanggeus diterangkeun bengkel mariksa kutak -ketok bungkur-bongkar teu ieuh jadi kahariwang… d biasana mah motor atawa mobil urang boro boro dikutak –diketok… kasenggol atawa diorek ku batur teh hate medenghel bari panon molotot, naon sababna?
Urang percaya ka dokter.. urang percaya ka bengkel yen aranjeuna bakal mere bongbolongan atawa jalan kaluar , anjeunna bisa terang sabab urang mere nyaho ka anjeunna…lain dokter “bisa nganjang kapageto”tegesna kanyaho dokter kabatesan …alias (punten) bodo keneh, da geuning urang nu kudu tiheula mere kateranganana… tapi percaya be…da butuh… !.
Tapi naha atuh nya urang…dina raraga ngaleungitkeun sagala bangbaluh teh…ari ka dokter atawa bengkel banget percaya .. bari nyaeta tea… kamampuh bisa ngomeannana teh dumasar informasi ti urang ari ka leuwih nyaho tibatan dokter jeung bengkel sok dimomorekeun… atawa disapirakeun… padahal Anjeunna mah memeh urang kedal oge Anjeunna tos langkung uninga… asa kabalinger .
Maka pantes… hirup teh dikukuntit kasusah,guligah,sagala heureut da tara -tara acan silaturahmi jeung Anjeunna teh … manawi kitu sun.. !
Haturan kanggo nu nuju baraluweng… saha bae ,
Tasik, mangsa sareureuh budak 18 mei2010