Rabu, 10 November 2010

BENGRAS KU NYINGREUP KARINGET

BENGRAS KU NYINGREUP KARINGET



[maskumambang]



nabi ya'qub anu nuju sedih kingkin

emut ka putrana

yusuf nu janten kakasih

ilang taya dikieuna



nalangsa teh karaosna nurih ati

parat kana soca

duanana teu ningali

tapi amarah ditahan



kocap yusuf tos janten gegeden mesir

anjeuna uninga

tuang rama teu ningali

kaleleban ku dirina



'he utusan anjeun geuwat geura balik'

tah gamis kawula

rungkupan pameunteu 'apih'

supaya socana netra



nabi ya'qub ngangseu anu ngahiliwir

anjeuna uninga

najan putra teu nghajirim

karingetna apal pisan



barang rup teh raray dituruban gamis

bray socana caang

ningal sapertos bihari

ku kersaning nu kawasa

Tidak ada komentar:

Posting Komentar