Sabtu, 06 November 2010

MUSIBAH
oleh Mang Jojo pada 06 November 2010 jam 14:30

KATUTUG KARINTUG

[maskumambang]
I

sok bareda mun napsirkeun hiji ciri

tanghara ti alam

aya anu make mistik

anu lian mah logika


ti tsunami gunung bitu reujeung lini

nepi kana caah

anu datang piligenti

dima’naan rupa-rupa



anu mistik nyangkana teu aneh deui

totonde keur urang

diurang teh rea jurig

nyiliwuri dimamana



ku logika anu apal geologi

jeung geopisika

ieu mah mangsana robih

alam teh nuju nguliat



aya deui nu mikir tina agami

nanggeuh kana ahlak

diparok aturan gusti

cenah loba sulayana



teu kapikir ku kuring jalma nu leutik

tapi balukarna

karasana geuning peurih

nalangsa satiap mangsa



nu katutug karintug na unggal wanci

ti mangsa keur budak

pangalaman kudu ngungsi

geus kolot ge karandapan



II



tuntas lini imah bencar doyong miring

sawah kacaahan

badan ge kalentab geni

ingon ingon kabeh bangkar



banda ledis kebon ruksak badan rudin

di berok di tenda

saha nu teu sedih kingkin

tamaha nampa kasusah



ka tenda teh kamari aya kiyai

anu ngaleleran

sing sabar narima nasib

supaya dosa marurag



enya atuh dalah rek kumaha deui

iwal ti tawakkal

muntang mah anging ka gusti

ka anjeuna abdi pasrah.





skmi-04112010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar