Rabu, 27 Oktober 2010

DONGENG PANINEUNGAN PUASA

Panganteur
Sigana dongeng-dongeng puasa satatar sunda mah moal jauh beda, boh suasana atawa paripolahna, malah sa nusantara atawa meuntas ka nagara tatangga Singapur , Brunai atawa Malayasia, duka di Zimbabwe atawa di London mah , can ngalaman , pedah we ceuk beja di Daratan Eropah mah Puasa teh neupi ka sababaraha jam onjoyna ti batan di nagara urang.
Teu kabejakeun deuih di Jerman aya munggahan ,di New York silih anteuran rantang memeh lebaran,atawa di Uganda pisaminggueun deui lebaran di jalan macet gara gara nu marudik, enya kitu, ? teuing da can kaditu, !tapi moal asana,!.
Munggahan,Taraweh Eredan,Ngabuburit, Parepegan, Nadran, sigana ngan aya di Indonesia, eh malah sok sanajan can "panalungtikan "anu pasti aya sababaraha pamanggih yen budaya-budaya nu disebut di luhur eta ngarupakeun "produk" budaya khas urang sunda, keun hancengan ahli budaya jeung sajarah nu kudu giat ngaguarna, !
Dongeng-dongeng -atawa nu leuwih pas mah- pangalaman -pangalaman Puasa Ramadhan nu aya dina catetan sim kuring kahareup ngarupakeun pangalaman -pangalaman kuring mangsa budak, jeung sigana deui asa loba nu akurna tibatan nu bedana, jeung pangalaman nu karandapan ku urang sunda satatar parahiangan mah, ngan di iwalkeun jeung pangalaman Bulan Puasa di Pasantren mah, sim kuring teu terang persis , sabab can pernah masantren,. !.
Aya sababaraha catetan nu baris kapidangkeun diantarana : Beja rek Puasa,Munggahan, Tarawehan,Poe kahiji, Ngabuburit,Kalangenan Bulan Puasa,Malem Lilikuran, Mapag Lebaran, Parepegan, Poean lebaran, jeung Silaturrahmi, sigana catetan di luhur geus nyukupan sarta ngawakilan suasana panineungan Puasa Ramadhan, eta lamun dianggap masih kurang mah sarungsum bae ku pangalaman nu maraos, di adu maniskeun sateuacan diteureuy ku lelembutan,!
Cag. !









Beja Rek Puasa
Asana , can asup sakola , ngan maca jeung ngitung almenak mah geus bisa harita teh,matak basa Bapa ngebajaan yen dua minggu deui bakal puasa, almenak nu ngagantung di tengah imah, unggal poe teu elat di tempoan, malah dicakraan ku patlot.mangsa keur ulin jeung babaturan teh asa agul, ngarasa pangnyahona kana waktu ngamimitian puasa .
Duka naon sababna , samangsa –mangsa dibejaan rek puasa, aya rasa nu ngagalura duga rasa naon,kitu wae teu ,bisa kagambarkeun jeung digambarkeun,bungah, bungah pisan, padahal puasa teh kapan lain poean sukan –sukan,justru poean dimana barang dahar atawa nginum oge di sengker ku aturan waktu, alias salila beurang memeh surup panon poe mah kudu ngeker, nahan lapar jeung dahaga, tapi bet bungah? Aneh bin ajaib. Teu aya nu nitah kudu bungah , jorojoy we tina ati sanubari,tapi ketang dumeh satutasna puasa rek manggih lebaran anu identik bakal boga baju weuteuh, saku merekis ku duit, loba kadaharan nu aneh nu teu ilahar aya dina poeaan sejenna kitu. Duka teuing.
Lain dumeh deuih aya keterangan pidawuh Rosul-Manfariha biduhuli romdon ,harromallohu jasadahu ala niron, singsaha saha jalma nu ngarasa bungah ku asupna bulan Romdon, Alloh ngaharamkeun jasadna dihakan seuneu naraka, boro-boro apal hadis eta waktu harita, ngaji oge masih abatasa, apal sotenan kiwari sabada bisa maca buku, sarta sok ngadengekeun ceramah , harita mah teu apal , jaba euweuh nu nitah kudu bungah ,tapi hate bungah , bungah kacida,!
Opat welas poe tisaprak bapa ngabejaan , waktu karasa lir ngarayap, perbawa hate nu hayang buru-buru anjog nepi kana poean waktuna puasa, geus dicipta-cipta bakal anu –erek anu .
Basa bapa nanya ngeunaan “patekadan” kuring yen enya rek puasa, kuring ngajawab giak pisan!
“Bade, asal kedah dipangmeserkeun acuk lebaran,! “ teu puguh,dasar budak, !

MUNGGAHAN
*
Basa babaturan nu keu rngumbara di Amerika nelepon ngawilujengkeun rek Puasa, kuring sapiriumpi keu rngariung, murak liwet, sisi balong,munggahan tidituna mah, ,katara sora ki sobat dareuda , inget ka lembur cenah, da euweuh mungghan ceunah di New York mah. Jujur manehna nyarita : “Uing leweh euy, ‘ndang, !”
Najan ngan ngariung liwet sisi balong tukangeun imah, teu di tempat wisata , dina suasana nu teu bisa kagambarkeun tea, najan kuring ngabejakeun munggahan teh ngan saukur ku omong dina telepon, nyababkeun kisobat carinakdak, anu kuring nyaho pisan dimana si eta leweh,basa bapana maot oge teu katembong nyurulukeun cipanon tagreug wae, na ari munggahan !, aya naon ?.
Rasa jeung pikiran ngacacang balik ka tukang, mangsa kuring umur sapuluh taunan,masih inget mun subuh subuh nurugtug sora diulag nu ancad laer sorana khas siga kitu- geus dewasa sabada macaan buku seni nakol bedug, takol kitu teh ngarana bedug kuramas atawa bedug munggahan.
Bedug eta, enya bedug di masjid Mang Haji Dahlan nandakeun tanggara yen isuk puasa,asana ngan di masjid Mang haji Dahlan wungkul nu aya bedugan di kampung kuring jaman harita , can aya spiker deuih, di masjid kidul oge ( masjid jame paragi jumaahan )euweuh bedugan, aya oge lawong,, paragi Merebot Zenal adzan ngabejaan waktu solat, imsak jeung buka puasa, boro – boro televisi saperti jaman kiwari, radio oge arang langka nu boga!.
Mun di itung jeung poe ieu, umur kuring nu geus liwat satengah abad, acara munggahan teh meureun geus lima puluh kali, galura rasa nu sarua, ngan suasana wungkul nu beda, jaman budak, jaman rumaja jeung jaman geus reuay ku anak, ti mimiti isuk nepi ka surup panon poe, rek nyanghareupan peuting kahiji bulan puasa, pikeun kuring asa sarua, pasar nu rame leuwih ti biasana, nu curak curak bararang dahar beurang panungtungan di imah sewang sewangan, atawa ilaharna barudak bujang jeung lanjang mah ngadon dahar babarengan di tempat pangulinan, tampaan, nu mawa beasna , hayamna atawa sambel lalabna. katempona beungeut –beungeut jalma teh pinuh ku kabagjaan anu pohara,
Di pasar , di jalan atawa di pajaratan nu ngaradon ngembang karuhunna.Waas, pajaratan nu biasana tiiseun jadi rame, paesan disapuan , di lingihan di kapur sagala rupa.
Balik ti pajaratan, mulungan siki jarak, pikeun obor indit taraweh, carana siki jarak teh ditiiran siga sate , dipoe sina garing tuluyna mah nya di jadikeun obor tea, pakarangan imah lalening, jukut jukutna di babadan,dihareupeun imah sewang-sewangan nyarieun oncor minyak tanah tina awi sabuku atawa dua buku, di polongoan tilu atawa opat liang, di simsiman ku kaleng , delesna tina lamak bubututan , tungtung-tungna ditihangan ku awi deui, jangkungna kurang leuwih sameter satengahan.
Reup peuting teh lembur jadi caang marakbak, barudak bujang mah geus sadia bedil karbit, pa panjang –panjang, pagede-gede, seungeuteun memeh taraweh atawa saur, malah nu “Fanatik” mah nepi ka kuat nuar tangkal jambe lodongna teh, mercon aya ngan loba nu teu kabedag meulina, mahal, !
**
Ema popolah beda ti sasari, gurang goreng , tumas tumis, bapa age teu eleh set, ngarungkup lauk tina balong sababaraha hiji, teu dibedahkeun da dibedahkeun mah engke mapag lebaran, meuncit hayam , nampolan suluh, sibuk weh, atuh deungeun sangu poe eta beda tisasari, utamana mah nyukakeun barudak dahar beurang panungtungan jeung “ngabibita” barudak sangkan engke teu sasah ngahudangkeun pikeun dahar saur,
Barudak obyag di buruan masigit,nu puputulan, gobag asor, ucing kalang,
Bi Adah, jeung sababaraha budak lanjang memeres madrasah gigireun masjid, keur taraweh kaom istri, lantena dipel, bari pupujian :
Marhaban ya Sahro romadon,
marhaban ya sahro siaam,
marhaban ya sahro quran,
marhaban ya khoero sahron
bagea bulan romadhon
bagea bulan puasa
bagea bulanna quran
bagea pangsaena bulan
Aneh, dar dorna bedil lodong, teu ieuh hariwang, malahan nambahan ngadukung suasana nu teu bisa kagambarkeun tea.
Mangsa pecat sawed, satutas curak curak barang dahar, di tampian , di pancuran, kolot budak, awewe lalaki obyag kuramas, awak dikasay ku daun peuteuy selong, minangka sabunna, beuleum sapu pare minangka shampona,dipirig dulag kuramas , leuh waas
Pas adzan lohor, kagiatan munggahan lekasan,katembong , jelema beresih beda ti sasari , laluis di kasay tea ,atuh komo budak lanjang mah katembong buukna teh bangun lemes, beuleum sapu pare ketan hideung tea, wani ngadukeun jeung shampoo jaman kiwari,
Mangsa beger munggaran mah sok rajeun nyerangkeun budak budak lanjang , nuuskeun buuk, nyisiran buukna ku sisir kerep, disamping jangkung semet harigu, mangsa haneut moyan,endah pisan.
Hate gilig, isukan poe alus , bulan alus,. Ditikel-tikelna ganjaran sagala pagawean hade, dibukakeunnana pantoi-panto langit pikeun jalma nu haying dimapura dosana, ditutupna panto-panto naraka pikeun jalma nu haying ngeker tina pagawean dosa, !
Lamunan kuring buyar, basa indung barudak noel kuring,
“Bapa can kuramas , !”
Kuring surti ,ah meungpeung can waka dicaram ku aturan , mandi bareng ti beurang, meungpeung rineh , barudak keur sibuk arulin euweuh di imah,. Whay not,. He he he


POE KAHIJI
Dina pananggalan hijriah waktuna ngamimitian tanggal anyar teh di mimitian ku surupna panon poe poe harita , ngan teu aneh dina nagtukeun tanggal hiji puasa sok aya bae nu bareda , kumaha ceuk pamanggih jeung pamadegannana, aya nu ti heula aya nu ti pandeuri, can aya alat telekomunikasi nu canggih saperti kiwari cukup ku ru’yat ( katenjona bulan mangsa surup panon poe ), mun teu kabeneran katenjo sabab kahalangan ku akibat cuaca cukup nyukupkeun bulan rewah ku tilu puluh poe anu disebut hisab tea.
Euweuh barebedan akibat panangtuan tanggal hiji puasa teh adem ayem bae lembur teh,mangsa kuring masih curak-curak marunggahan , di lembur tatangga mah –padahal ngan kahalangan sawah wungkul- geus katembong jalma–jalma teh geus hararese ditanya,baralem, warung-warung tarutup , barudak teu pati gejah arulin da geus ngamimitian paruasa, barudak lembur geus diwawadian ulah wani-wani ngulampreng ulin kalembur eta, bisi pajar ngabibita..tapi da dasar budak, teu cukup dipapatahan .. da papatah teh teu didenge ku liang…. merenyeng we laleudeur, bari semu-semu ngahajakeun, ngahaja ngajak ngaliwet munggahanana teh sisi susukan nu negrak katembong ku urang lembur urang ditu tea.. atuh lamun teu dibuburak mah sigana terjadi perang saudara.. atuda teu cukup ku ngaliwet .. sungut na teh pating jorowok matak panas ceuli barudak lembur ditu:
“ Ajengan…. ,( nyebut ngaran Ajeungan lembur belah ditu) mah sigana keur nyeri panon, cileuhna dianggap bulan ,” si Herding ngagorowok.
“Mangga taruang ah, !”ceuk si Idin mbari ngeupeul ngeupeul kejo liwet, col dicocolkeun kana sambel .. am di huapkeun bari nagtung nyanghareup ka lembur ditu !
“Wilujeng manyuuuuun.. ! si Bahri nu geus beuki udud.. melak cangkeng bari ngagaya udud di serebung - serebung!
Minangka balesan barudak urang ditu..mun pareng tepung waktu ngabuburit :’Awas siah di taur , ke lebaran , sabab uing mah lebaran pasti leuwih ti heula.. tapi can pernah nepi ka kuring gede eta ancaman kalaksanakeun, sabab lebarannana akur bae. !.
Ba’da dur maghrib poean munggahan, suasana mapag bulan suci teh asa beuki karasa, nu berjamaah solat maghrib leuwih loba ti biasana,,matakna khusus dina bulan suci Romadon mah madrasah gigireun masjid paragi barudak ngaji bada magrib teh di jadikeun tempat solat khusus keur kaom istri,,
Beda jeung jaman kiwari, waktu kuring leutik mah pisaminggueun deui puasa teh, sakola ngahaja diliburkeun , ngaji pon kitu, taya kuliah subuh atawa diklat saperti jaman kiwari, piur we ngalaksanakeun ibadah puasa, tapi aneh najan taya kuliah subuh, najan taya diklat, kabangoran barudak teu saperti jaman kiwari,duka dimana benang merahna ieu teh, !
Pon kitu nu daragang dahareun barudak, tarutup, buka –buka teh engke wae sakira –kira dek bedug lohor,
Ngadagoan bedug isya, peutingan munggaran puasa pakarangan tajug pinuh ku barudak lembut,arulin , nu rada galedena nyeungeutan lodong, peuting nu biasa combrek jeung meredong, rapang ku obor cempor awi,listrik geus aya ngan kapasitasna kacida pisan terbatasna,
Dur bedug isya, diteruskeun solat taraweh, (ngeunaan solat taraweh aya episode khsusus), bubar taraweh,--.najan lain bulan puasa budak geus rada galede mah da geus bariasa sarare di masjid, sabada wareg nyeungeut lodong mah tinggaloler di masigit,. beuki betah wae sare di masigit teh sabada Aki kuring ngaliwatan alpukahna Bapa kuring hasil ngarenghikna kuring hayang aya bedug di tajug.
Beuki nambahan bae nu sarare di masigit teh ,komo deui basa ditambahan pasilitas loloteng-an , asana neupi ka tamat SMA, sare, nunda buku, nunda baju teh da dilolotengan masigit, ka imah mah lagu dahar jeung mandi wungkul, , matak asa heran sabada geus mangtaun taun ngumbara sarta geus rumah tangga nempo lolotengan masigit teu kaurus sarta barudak teu betah di masigit leuwih betah nangkring sisi jalan ,teh !
Kira –kira wanci janari leutik, lembur geus obyag, tina lawong gogorowakan : saur,. !.saur, !
Teu pati openan ngarana bet saur , geus gede kakara nyaho yen lain saur, tapi sahur dahar janari rek puasa teh,sok rajeun aya tukang sate ngider ngurilangan lembur,nanawarkeun dagangannana.nawarkeun dagangannana nakolan besi siga songsong , di takol di tengkep..noloknok .. nang noloknok … nang… Inget deuih aya nu sok rajin mangtaun taun wanci janari nu ngider dagang kurupuk , budak saluhureun kuring Akang….( moal dibejakeun ngarana) ,sorana ngengkreng ngider ngurilingan lembur ,kundang oncor gede , ngagandong blek kurupuk,.sorana ngengkreng khas sora si akang eta,pleng lila teu panggih , manggih beja tos jadi Kepala Sakola … !
Isuk-isuk, poean kahiji , suasana lembur rehe combrek, barudak ti sabada subuh oge geus ngajaloprak patulayah kerek,teu biasana atuda kudu hudang mangsa janari.
Rada haneuteun teh sabada wanci ngaluluh taneuh,aya kagiatan di madarasah gigireun masigit ibu-ibu tadarusan… ngariung.. piligenti, sora indung katara onjoyna pangengkrengna, sorana angin anginan, barudak ting karorejat, harudang , ngan sibeungeut wungkul , tuluy riab ngabeubeurang, aya nu ka stamplat, ka sawah , ka kebon, aya nu ka setasion, aya nu ka alun alun , ulin sakahayangna , baralik deui ka tajug teh wanci rek bedug lohor, nya sanggeus lohor mah nya ngaguher deui nuluykeun hanca,.hudang-hudang waktu asyar, marandi terus ngbaluburit, abring abringan atawa nalangkring dina erel kareta, milangan batu heu heu heu ,(ngabuburit dina episode khusus)
Puasa poe kahiji, duka can biasa katara ripuhna tong boroning barudak, barudak rada badag oge katembong ripuhna, ngan kolot meureun nu bisa nyideum karipuhan puasa poe kahiji teh nguat-nguatkeun karep dina raraga ngadidik anak-anakna, ngan katawisna teh rada hese ditaros,aya piambekeun oge sigana teh ditarahan bae,.”menghemat tenaga” bituna teh sabada buka,kakeuheul ka barudak sapoe jeput pedah teu beunang di caram ngadulag tengah poe mangsa eta budalna teh, matak barudak nu nyaho strategimah bere buka teh tara ngariung deui jeung kolotna mencar wae mengan kasibukan sorangan , ngajauhan imah, !
Loba barudak nu bocor puasana, rata-rata bocorna teh wanci lohor,sabada kolotna teu wasa nempo budakna ngalehleh,langlayeuseun, nya akhirna mah di titah buka, ngan di wawadian ulah wani –wani dahar di luar imah, salila beurang, kadang –kadang barudakmah lamun geus ngarasa ripuh teh sok ngarojay teuteuleuman,di balong, bari teuleum ngaregot saeutik, teu batal cenah da batal mah lamun hitut dina cai ….heu heu dasar budak.
Kabiasaan “nyemen” alias batal tukangeun kolot sigana mah geus prah kaalaman mangsa barudak mah,Nginum bari abdas,atawa nyelewegkeun sakeupeul piopakeun barang nu teu sapira tapi nyababkeun teu ripuh teuing ngadagoan waktu magrib teh,sok giak mun ema nitah marud kalapa , bucu kalapa, sabot ema meleng, sakilat geus nyangsang dina genggerong sabada dicapek kilat, ema surti , piraku budak leutik bisa marud nepi kaledis , tapi api –api teu terang wae sigana teh,lamun geus rineh ema sok mapatahan kalakuan kitu teh lepat bisa batal puasana , engke moal dibere baju lebaran mun bocor puasana mah peun sakitu, !teu panjang lebar make dalil. Tapi kuring kaharti, !
Loba pisan gogodana waktu puasa teh,komo lamun geus liwat lohor sabada di hawu geus tingpelengseng pasakan, kacipta we najan dahareun teu pira siga ngeunah wae, nempo cai sumur oge siga limun,poe raginang, dicipta roti, ah kakara gogoda dahareun, acan gogogda anu sanesna , matak Wa Haji Ma’mur mah najan profesi na tukang dagang batik, jeung sarung di pasar, ceuk kabiasaan cenah marema bulan puasa dagang pakean the, bet kalah tutup alias teu dagang salila sabulan,basa celembeng ditanyakeun naon sababna tutup, anjeunna ngawaler:
”Geus cukup Anang, usaha sabelas bulan teh , pepeuriheun waktu eta sok rada poho ibadah, cing atuh bulan puasa mah khusus keur ibadah, dipikir pikir asa alus ngan kumaha atuh nya mun sakabeh padagang pakean bulan puasa tutup atuh meureun teu boga sarung weuteuh,baju weuteuh ,kopeah weuetuh, ceuk pikiran kuring mangsa harita,. !
Bedug magrib munggaran, dahareun meunang ngumpul-ngumpul ti isuik keneh mani teu meunang dicagap batur ,jambu batu , jambu aer, kaweni ,limus haseum, sirop , cendol dihenggoy sabada dahar, atuh mangsa bedug isya teh bareurat, jaba beuteung teu puguh rarasaan , kamerkaan,! teu aneh, pacilingan laku keras barudak ngantay, nunggu giliran,. rada plong sanggeus upacara adat mah bisa ngalaksanakeun taraweh.
Mugia gusti nampi saum abdi dinten ieu bari puasana caliweura oge, eta dua aki sangeus buka waktu tajil di tajug, di gerendengkeun diaminan ku kolot jeung barudak , tajilna mah mah naon bae aya korma, aya puli aya kulimba cai haneut teu kaliwat, geus biasa dua puluh menit memeh buka aki sok ngariung di emper tajug ngaderes bag-bagan agama atawa ngadongeng meunang nyutat tina majalah Al-Mawaidz, atawa al Imtisal , mani sono hayang maca deui majalah heubeul eta dongengna Malik Sep Bin Diyazin Atawa Dongeng Perang Sayidina Ali ,basa imah aki di ruag koleksi majalah –majalah eta leungit duka kamana, hanjakal pisan,. !



TARAWEH
Dasar urang sunda, tukang heureuy, solat sunat peuting dina bulan puasa , muhun taraweh tea kirata nateh tara sawareh, atawa mun geus nincak lilikuran mah beuki togmol tara,weh, da sibuk mapag lebaran.
Tibaheula keneh,padungdengan jumlah rokaat taraweh nu dalapan tambah witir tilu jadi sabelas,nu duapuluh plus witir tilu jadi tilu likur teh ,aki nu demokratis ngabaekeun rek sabelas rek duapuluh tilu, duanana oge alus, nu goreng patut mah, nu tara taraweh,sarta sok nyela batur asa aing pangbenerna, padahal dalilna teh ,manehna euceuk,ceuk kuring ceunah, da teu harirup mangsa rosul ieuh nu nyela jeung nu nyempad teh,! matak adem ayem we hirup kumbuh di lembur teh,!
Ari aki mah sok tilu likur, lumayan ngemplad, jaba loba rakaatna jaba sok paranjang suratna, heu heu dasar budak,masigit dina irung,da kelu taraweh teh ,kadang-kadang sok ka tajug lebak ,najan rokaatna sarua .tapi ekpres, can ge beres nyebut amin, geus kufuan ahad,terus ruku ,can ge tumaninah geus waladdoolin ,matak nyeri tuur, antukna mah tara sawareh tea,beuki nanjak teh masjid beuki ngalegaan alias panumpangna berguguran tea….!
Nempo kuring jeung emang kuring , taraweh di tajug batur, -emang kuring nu mawa kuring taraweh di tajug lebak teh- enya budak aki, adi ema pangbungsuna. Katawis aki rada bendu,tapi teu pok atawa masihan tindakan naon-naon, rupina aki oge ngemut,aya nu salah dina mingpin,teu kudu di demo teu kudu direformasi ku batur, aki ku anjeun sadar nyalira , kudu ngarobah diri,da buktosna dina taraweh saterasna mah, surat-suratna dipondokan ,ngarah gampang ngitungna di kawitan ku alhakumut dipungkas ku tabbat, ieu surat di aos sabada fatihah rokaat kahiji,ari rokaat kadua mah sabada fatihah teh, qulhu bae teras , teras salam, ngadeg deui neraskeun hanca rokaat saterasna sanggeus opat rokaat samemeh ngadeg rokaat ka lima diselang ku dua,. beres ngadua Uwa Muslim muroqi (tukang narikeun bacaan imam memeh diturutan ku mamum)biasa ngagorowok allohumma solli ala muhammad, breng makmum ngajawab sallim alaih, tapi dedengean kuring harita mah salimoleeeeeeeeeh ,diheureuykeun ku barudak jadi si salim katinggang lodeeeeeeeh!
Pohara… ibadah oge di jieun kaulinan… !
Waas, kabayang na ingetan, nu jadi imam pun aki,jajaran kahiji pang kencana Uwa Muslim, tandana nu nganggo sajadah tina kulit embe,raksukan kapret bodas sarung cap padi hideung meles,salirana ageung, bodas bayuhyuh, mun masihan tanda allohumma tea panangan katuhu dipeureupkeun ngagorowok palebah jempol minangka mik meureun,profesina tukang jahit kahot,ngajajar ka katuhu. Aki Mail, salirana alit ,tapi ngeusi jago maenpo ,profesina kusir roda gulutuk,pun bapa, Wa haji Juju, sudagar, ,aki Pakih, penjahit,
( basa catetan ieu ditulis,nami nami nu sebat diluhur nu aya kantun pun bapa ,nu sanesna parantos parupus allohumghfirlahum warhamhum )
.Jajaran saterusna harilap deui, ngan nu inget teh kuring mah jeung balad jajaran kadua akhir, deukeut panto ka madrasah …Ceuk si Bahri mah Raudhoh cenah , duka naon maksudna…!
Barudak mah ngagelek di dinya, aya dua alesan : mun pareng nini ngabagi jajabur pangheulana kabagi , kadua ,sok resep noong ,nu tarawehan di madrasah, upama reregannana muka katebak angin atawa duka ngahaja rada disengledkeun saeutik,resep ningali barudak awewe taraweh, utamana Neng ……putera menak, putrana kawasa perkebunan karet, moal disebatkeun ngaranna … isin,nu sok rajin ngiring tarawehan, biasa solatna palebah dinya, mukenana ,benten ti nu lian, sae,.!
Geus gede mahmangsa balraleg tampele sok rajin arambon sorangan,aku –aku angga, tapi kabeh oge nganyahokeun diri , lain babad lain pacing tea,sok dipered we hate teh, ku nempona oge geus ngarasa cukup ,heu heuy deuh mangsa beger bulan puasa asa endah pisan,. !
Mun aya si eneng, heureuy keur taraweh rada ngurangan barudak teh, asa aya pangbebenjo, tapi mun pareng euweuh, siga nu mareupeus keuyang, jeung heureuyna teh sok kamalinaan deuih,anu kadang-kadang matak cilaka jeung matak ngaebatkeun batur, eredan keur nangtung, atawa mangsa tahiat ngacungkeun curuk tuluy babaturan mere jempol mah lumrah( siga nu suten ).
Eta lamun geus heureuy ngaharib -harib picilakeun asa paur…,tapi da resep we,
Pernah keur ruku disuntrungkeun ku si Idin ,kanyat titotog,tarang bencenur,huntu punglak hiji, !.
Nu paling berisiko, eta mun pareng geus ngaheureuyan kolot, teu tumpa tumpa deuih perlu diheureuyan mah nya di heureuyan bae.
Geura urang tataan heureuyna:
Uwa Muslim geus biasa , upami bade abdas teh acuk kampretna sok dibuka, dikulumbrukeun dina sajadah aladinna-disarebut sajadah aladin sajadah kulit embena teh-da teu euleum euleum atuh si Herding mah, mangsa Uwa lungsur ka jamban, sakilat newak cakcak sok dibebeskeun kana saku kampretna dihijikeun jeung tasbe,sugan mikir kumaha akibatna kalem we ,mun pareng uwa rek nganggo tasbe . barakatak weh saleuseurian, nempo uwa gegebes nyagap nu genial- geunyal empuk nyayang dina sakuna teh.
Mang,. ah moal disebutkeun deui, kabiasaan sabada tas ti jamban bade netepan, sok morosotkeun kolorna, sok disampaikeun dina galar ,teu kurang kurang tapis mah, bisa bisa eta kolor teh ngarungkup sirah tutas sujud, nu kabeneran keuna batuna, sabab ngarasa geuleuh, lung dialukeun kanu sejen, lung kaditu, lung kadieu, solat tilu jajar ti tukang mah ebat balas aya kolor terbang.
Masih korbanna si mang eta, waktu sujud kapan katara ngaburayotna,nu si emang teh, da deui deui si Herding mah, wani mencet eta nu ngaburayot teh, sigana bakat nyeuri, jaba reuwas, da teu sadar nu kuduna nyebut allohu akbar sabada sujud the, ngadon aduuuuh anj***,, pokna teh!
si Herding na mah geus jingjrit balik miheulaan bari iirihilan,peuting isukna kalem we teu siga –siga geus nyieun dosa…lain waktu mah beres nyebut allohu akbar kapan sidakep,rup weh sarung nu dipakena dirungkupkeun kana sirahna, sabatae, ulad-alid tembong sagalana,solat teh ebat deui bae.
Duka sababaraha periode .. dina lingkungan terbatas barudak… nyebut si emang eta the…Mang Burayot we .. pikasebelen… !
Waktu sujud, panakol bedug diasupken kana sela-sela pingping jeung bitis basa hudang teh kapan sakitu nyerina kaganjeul kai teuas , rek teu seueul kumaha, !
Sugan teh awewe mah tara heureuy, geuning sarua bae,ieu mah dongeng babaturan awewe, basa rek sujud pisan, babaturannana nunda sukro pas plebah pisujudeun nana, sugan rek dijauhkeun kelu da sukro teh sakilat disantok , terus di celetrok, digayem, bari nangtung pas beak ngarah teu jiga heureuy, nyebut alhamdulillah rada ditarikeun , tidituna mah fardu kasambut sunat kalampah, nyebut alhamdulillah pedah meunang milik, bari teu ngabarubahkeun, sabab waktuna keur maca fatihah.
Pikeun kuring harita, taraweh teh identik solat bari heureuy, geus niat ti imah teh rek bales dendam, ngaheureuyan batur pedah peuting kamari jadi korban, lah aya –aya bae mangsa budak, !
Nincak lilikuran,jajabur datangna beuki kerep, meh unggal malem ganjil, biasana tumpeng,najan dibibitaan ku tumpeng,nu ngedul mah teu kabitaeun ieuh kana ganjaran taraweh teh, dicobaan waktu taraweh diperpendek,. alhamdulillah , angger,ngedul!
Berese taraweh biasana maraca niat puasa di berjamaahmeun , deui deui diparake heureuy ku barudak mah;nu kuduna Nawaetu saoma godin….tea , Di garanti jadi: Nyatuuu jeung sambel godin, subuh tadi..bulan romdon matak baseuh kana calana… ! ah dasar barudak.




Kalangenan Bulan Puasa
Can aya PS, Karambol,Ding dong atawa Game Watch harita mah, kalangenan dina waktu bulan puasa pikeun barudak pikeun ngabangbrangkeun lapar atawa halabhab teh, nu prah ngaderes Al Quran,Kitab koneng,nyengeut bedil lodong, ngurek, atawa pitikan ( maen domino atawa Bridge mah di paliaskeun ku kolot teh, ari pitikan mah meunang, sok rada kerung , teu ngarti ), maca komik atawa roman sunda sewaan ti mang Abdul nu sok rajin ngurilingan lembur kana kareta mesin, ngojay di balong jeung rea rea deui kaulinan nu geus poho tina ingetan .
Ngaderes Al-Quran atawa lumrah disebut Tadarusan pikeun barudak pantar kuring,biasana dilaksanakeun tutas taraweh, tutas solat subuh, jeung memeh ngabuburit,ngaderes biasa , asal tamat 30 juz tea , tapi da tara tamat paling kuat 5 atawa 6 juz, ari ibu-ibu mah mangsa haneut moyan biasana ngahanca qiroat sab’ah, guruna Nini Encuk adi Aki,( ayeuna parantios al marhum )waros, soba kolun tea, anu maca wadduha jadi wadduhe tea,rek niat diajar, ngan ninina kaburu pupus manten. Hanjakal pisan!
Ari ngaji kitab koneng mah, pikeun barudak pantar kuring biasa we Sapinah, Jurumiah, Tijan atawa QotrulGhoes, nu ngawurukna Bapa kuring bada lohor memeh sare beurang. Teu pira sajam tapi weu tunduhna ari keur ngaji mah –matak nepi ka ayeuna mun kaserang hese sare maca Quran we pules weh, teu cara maca Roman Andi Si Buntung Jago Tutugan karangan S. Sukandar atawa maca Komik Mahabrata RA Kosasih, cenghar we panon teh,
Sore –sore ngadagoan buka mun cuaca tidak mendukung ngabuburit,biasana sok ngariung diemper masjid- lain emper meureun ngarana lahan masjid diluar wangunan utama masjid mah – duka naon ngarana , Kolot barudak saregep sok “dipangdongengkeun” ku Aki, kuringmah nyebutna teh ngadongeng bae, seuhseuhannana mah ngawulang we aki teh perkara agama, nagara atawa perkara hirup kumbuh di masyarakat , teu lila, nepi ka waktuna magrib , (Taun dalapan puluhan sabada kuring gede aya salah sawios karya pun Aki nu ngahaja dikumpulkeun ku sim kuring wangunan nadzoman judulna Nadzoman Rukun Iman Rukun Islam, aslina dicitak mangrupa stensilan.Oge fadilah Ayat Tujuh , Ayat Lima sami stensilan)hanjakal deui bae naskah eta kuring sorangan nu ngumpulkeun nana teu sasiki-siki acan, Allohummagfirlahu war hamhu, mugia arwah pun Aki, KH. Toto Iskandar sing ditampi iman Islamna Karyana sing mangfaat kasakumna)
Barudak mah ngariung teh aya nu dianjing cai, amis amis garatis,Tajil saaya-aya, saeutik sewang tapi nikmat , kolek cau, kolek cangkaleng, Puli, Awug, ongol-ongol atawa kulimba, hasil kaprak keprek Nini Kuring ( Almarhum ) dahareun kampung. resepna sederhana tapi nikmaatna duh,(Mugia kasaean Pun Nini ditampi ku Gusti Alloh aminn ).
Nu jadi raja budakna -eta pamanggul arulin barudak- emang kuring adi ema nu bungsu Mang Amin tara nyebut emang ieuh, Amin we da umurna meh ampir sarua beda tataunan- malah nyebut ka nini ge tara nyebut ngarana, Cukup we ma Amin nurut ngaran anakna ,sugan kuring wungkul, tapi salembur ngabasakeun istri aki kuring teh ku Ma Amin ( basa dikurebkeun Amil, digebes ku kuring pedah nyarita : Mugia Arwah ., can tamat amil nyarita kuring ngagorowok ti luhur lombang Ombah Siti Romlah Binti Muhammad Zahri ,kuring nyebut ngaran asli nini kuring, urang lembur nu ngariung ting raraingeuh teu arapaleun, !
Barudak dina bulan puasa teh ngahaja di kumpulkeun, nyieun grup mengbal, meuli balna papatungan, mun kurang emang kuring nu nambahan,ngagugulukeun kaulinan mengbal ku kancing baju ,nyieun lapangna cetaan jiga lapang enyaan di gulan, di karambaan ku , kulambu meunang nyoehkeun saeutik tina kulambu ranjang aki, hadiahna teu pira cau sasikatatawa buku tulis sasiki, Cat catan, ucing sumput,atawa cari jejak niron niron kapanduan, buku nu dipikaresepna Scouting for Boy karangan Baden Powell, Buku -buku Karl May , Kode morse ,permainan Kim atawa nyieun alat alat keur hirup di alam bebas jago kacida tapi aneh teu kacatet jadi Pramuka aktif tah sakadang emang teh waktu sakolana, !Basana teh teu resep Pramuka ayeuna mah teori, rapat jeung ulin , enya kitu, da jeung enya atuh seragamna mah Pandu tapi cengeng, seragamna pramuka rek masak mawa kompor gas, asa jajauheun, !.Karesepna teh mengbal deuih, !teu resepen bedil lodong atawa mercon mah jahat duit cenah tapi teu fanatic teu resep da lamun aya “pertempuran” jeung barudak Gunung Kijangkung mah , purah ngatur strategi jeung seksi ngumpulkeun runtah atawa bubututan minangka pelorna,,arena perangna di sawah lebakeun tajug, dina galeng belah ditu jeung galeng belah dieu ngadarangong bedil lodong , siga kanon. Cur cai, sup karbit gancang dicocokan, diantep sakeudeung di didengekeun heula palebah tungtungna, mun geus repeh nyerecesna tandana kanon siap di sundut, gancang dicocokan ku runtah atawa bubututan, sut di sudut jelegur disada runtahna macawura ka pihak lawan, surak ayeuh ayeuhan, mun pareng sora lodongna leuwih alon tibatan lodong lawanna dsarurakan, pating gorowok, “Bedil lodong atawa hitut nini maneh hah ? piceun, ka hawu ‘ Rupa –rupa deuih cocorowokan nana teh, najan kitu ari mangsana geus anggeusan mah ngahiji deui arulin bareng teu siga siga tas perang ragot, !
Terang sermen teu pamiarsa? Sermen teh kaulinan barudak lembur, jaman kiwari mah disebutna anggar, pepedangannana lain tina logam tapi tina awi meunang ngaraut, dimangrupakeun pedang cara ulina barudak dijieun dua kelompok, meunang elehna ditangtukeun ku singsaha bae nubisa noel suku musuhna ku pedangna, ragot siga perang nyaan. Bosen eta ganti kaulinan peperangan make bebedilan tina awi leutik sabuku , dicolokna ku awi deui mingka pelorna kertas meunang nyaian di buled buleud buleud sagede liang awi, barang dicolok teh beletok , disada harus pisan , kadang-kadang ku kanyere , ngan mangsa kuring oge kanyere teh geus langka pisan, aya deui kaulinan peperangan make katepel , tapi pelorna lain ku batu tapi ku buah pingku, atawa aya nu nyebut pisitan monyet tea, ngan sok dicarek ku kolot bisi keuna kana panon , da lumayan atuh ngaburileng, teh enyaan.
Teu kapaluruh kalangenan barudak awewe dina bulan puasa teh,duka pedah tilima sadulur budak bapa awewe hiji hijina adi deuih, lain lanceuk jadi teu kapaluruh ,jeungna deui kapan awewe harita mah nincak umur salapan taun teh geus kudu bisa mantuan indung, masak ,gegeroh atawa nyeuseuh anu hartina lain nga “belenggu” kana kabebasan ulinna, tapi keur bekel ka hareupna,ayeuna mah kapan lumrah awewe teu bisa nyangu jeung nyambel teh teu eraeun deuih, naha akibat emansipasi kitu? Teuing ah , teu nyararaho, !

NGABUBURIT
Lembur teh, disebut kampung da deukeut ka pusat kota, ka stamplat beus deukeut, ka stasion deukeut, malahan Ka Jalan HZ Mustofa oge kanyat bisa leumpang teu jam –jaman.
Disebut kota ,da sawah jeung tegalan masih araya jaman kuring keur budak teh, jadi kalangenan barudak lembur alam harita ,masih kaalaman, mupu jambu kulutuk ditegalan, nyieun kukulahan , nyair di solokan,ngurek belut di sawah, dahar sisi galeng mun aya nu macul, ngagebahan manuk di saung , nyieun empet empetan tina jarami oge ka alaman, !
Kalangenan ngabuburit jaman harita oge, beda jeung jaman kiwari , geuning jaman ayeuna mah ngabuburit teh aya road show musik , abring-abringan marake motor sagala rupa, jaman harita mah mun teu di erel ,dariuk dina beusina bari ngome batu , atawa ngagelekeun paku keur pepesoan, ngabuburit teh di sawah bari ngurek belut, kalan – kalan mun pareng di tegalan tangkal jambu kulutukna baruahan mah sok ditegalan, euweuh nu nu ngabogaan, jeung euweuh nu ngaboga-boga najan enya tanahna aya nu ngabogaan oge , jambu kulutuk mah pek teh teuing diaralaan barudak teh, hak kulah cenah, dihakan meunang di aku ulah tea,!
.Mun cuaca teu ngadukung, hujan contona ngadagoan buirt teh mani asa lila kacida ,karaluman, ahirna teh ting rariung di emper masigit,ngome bedug, atawa heureuy , pagebug-gebug ku sarung atawa pageseng geseng leungeun geus panas di angseukeun kana irung babaturan, bau tikotok,, tuluy cing cirihil saleuseurian, kolot- kolot jarongjon ngarobrol atawa ngupingkeun ceramah/dongeng aki,teu openan, jongjon dina acara sewiang-sewangan.
Ngahji teh mangsana geus buka ngariung tajil
Waktu ngabuburit biasa lamun tas reres “ngaji” di tajug,bada solat asar, teu meunang waka ngabuburit mun can ngaji,sok teu husu ngaji,lamun Si Herding jeung si Jagu geus ting arelol wae tina jandela masjid ngajak ngabuburit, hate mah geus hayang belenyeng wae luncat, ngan edas eta soca bapa, nu nyababkeun kuring teu wani ingkah teh.beres ngaji teh sarung jeung ketu, lung di alungkeun di juru masjid, mingprit ngabuburit, !.ka erel ,ka sawah atawa nyeungeut bedil lodong
Kabiasaan ngabuburit nincak lilikuran mah teu unggal poe teuing duka geus barosenen meureun , beda jeung kiwari nyedek kalebaran teh mani beuki harusu ngabuburit di super market atawa mall sakalian bari balanja mapag keur lebaran,atawa ngabuburit di restoran atawa tempat dahar sejenna sakalian buka bersama tea, jaman harita mah asa can usum deuih buka bersama teh,!.
Kaalaman ku si cikal meh ampir unggal poe ,komo geus lilikuran , sabada solat asar teh kencling indit Buka bersama cenah,! balik balik rek taraweh.Indung kaprak keprek teh teu diasaan, cukup di toel, warareg,cenah!
Jaman harita mah da loba panitah ti kolot , ngabantuan kolot nyiapkeun keur lebaran meuleuman opak atawa mungkusan peuyeum, mun teu anggeus sok diteruskeun bada solat taraweh,
Ngabuburit, beda jaman beda kalangenan, jaman kuring keur budak kitu, jaman rumaja beda deui , kiwari oge beda deui modelna teh, nu sarua teh rasa bungah da sakeudeung deui rek buka ku pagawean nu matak ngabangbrangkeun rasa lapar jeung halabhab sangkan teu batal memeh waktuna.

















MALEM LILIKURAN
Inna anzalnahu fie laelatil qodr
Wamaa adrooka ma laelatul qodr
Laelatul qodri hoerum min alfi syahrin
…………………………
(Saestuna Gusti Alloh parantos nurunkeun Al-Quran dina Laalatul qodar
Naha Anjeun terang naon eta laelautul qodar teh?
Laelatul Qodar wengian anu leuwih alus tibatan sarebu bulan…!
“Barudak… !, lamun hirup urang dalapan puluh taun.. unggal poe ibadah, tuluy maot asup surge atawa naraka ?!, ceuk aki kuring basa ngariung sore sore di emper masigit
Barudak reang ngajawab: Surgaaaaaa !
“Dina bulan puasa… aya hiji peuting nu istimewa… mun urang ibadah dina peutingan eta …ganjarannana sarua jeung ibadah salila sarebu bula alias kurang leuwih dalapan puluh taunan.. peuting eta dingaranan laelatur qodar tea! Aki nereuskeun tausiahna.
Motede aki mere papatah, najan aki lain jebolan perguruan tinggi ,padika ngajarna asa teu beda jeung dosen dosen atawa guru besar ,gancang pisan kafahamna ku barudak teh.. biasana dimimitian ku pertanyaan-pertanyaan nu matak ngabuka jalan fikiran barudak..saperti kajadian di luhur… !
Kasimpulannana: sok meungpeung masih dibere kasempetan hirup .. nepi ka poe ieu..mangfaatkeun bulan puasa teh keur ibadah, ngarah meunangkeun eta peuting istimewa tea..ulah beak eta waktu teh ku pagawean gaplah..
“Pa ustad…iraha waktosna laelatul kodar teh? si Atang nanyakeun .
“Teu aya nu terang mung alloh wungkul nu terangna… ngan aya katerangan: ayana dina bulan Romadhon, biasana dina peuting lilikuran anu ganjil… ! Aki nerangkeun.
Matak barang nincak tanggal duapuluh teh , para sepuh mah tos katingali I’tikaf di masigit, tadarus beuki di kerepan, gugah wengi di panjangan, taya deui nu dipamrih iwal hayang meunang laelatul qodar tea…ari barudak mah nya kitu tea bae , angger heureuy, najan enya ari ngendong mah di masjid unggal poe oge . Ngan aya nu istimewa teh jajabur beres taraweh.. asa leuwih istimewa ti peuting-peuting samemehna. Rada kerep … jaba hade deuih lalawuhna teh seseringna mah tumpeng…di kalapaan meunang marud , ditempean.. malah di daging hayaman mun kabeneran Juragan….. (bapana si eneng tea) kabeneran nu ngirimna mah.
Maleman judrah ceuk si Herding mah maleman lilikuran teh , judrah ku dahareun…Sanajan taraweh bari heureuy oge , ari kana adrahi mah pang ceupna.. memeh batur meunang oge manehna mah geus nanggeuy bari loba deuih..!
Ku teu lucuna teh deuih, mun pareng rada kurang keuna selera … wur weh eta dahareun teh di awurkeun di jajalaneun , sabatae bubar taraweh loba kajadian … nu ti seureuleu tea ,nu sendalna ramiping ku remeh , Aki Mail mah nepi ka wera enyaan:
“Mun kapanggih siah Herding, ku aing diluluh siah, dihijikeun jeung huut keur parab si Pelor(kudana )… !.
Pareng panggih jeung nu boga hadasna…barang rek di ambek teh si Herding ngaluarkeun dalil,”La Tagdob ….syahrusyiam !( tong ambek juragan ieu sasih siam… !) ku rehe… !
Beuki nyedek ka lebaran, masigit beuki rame, malahan kolot-kolot oge ngarilu ngendong di masigit, rupa rupa aya anu munajat, aya anu ngahanca deresan quran.. tapi lolobana mah sarua we jeung barudak kerek , milih tempat strategis.. tina gangguan barudak… di simbut sarung ngagojod nepi ka aya nu neang nitah saur…!.Beu lailatul qodar teh nyamos deui…
Ceuk si Herding mah : ari rek ngadon sare mah make los los ka masigit atuh ,di imah wae ngaheurinan bae…. ! maksud anu jerona mah; aing asa kaganggu heureuy… he he he!

LEBARAN
heu heu ,. pang tagiwurna lebaran taun 70 an , ceuk itungan lebaran teh sapoe deui, ari bubar taraweh, aya bewara lebaran poe isuk kolot crab crub peuting -peuting ngabedahkeun balong, cut cet mareuncit hayam, uwa Muslkim tukang ngaput,, di daremo ku barudak nu bajuna can aranggeus,nu kuduna talakbiran, obyag di dapur, masak di gariduskeun ,boro -boro ngeunah jauh ka laut jauh ka gunung, solat ied ting lalenggut, tunduh jeung cape, balas marathon mapag lebaran mang Idin di pista ku Bi Inah, pedah teu ngirim rantang ka bapana, weu,.
hapunten, dongengna kapotong , mepende indungna heula , puasa manggih lebaran, heh he he
urang lajengkeun, saminggu memeh lebaran, barudak lalaki wajib di polka,budak papantaran ngaliud di jongko H.Syamsudin, tukang cukur kahot,,potongan polka sarua, Kalipso,bulistir di tukang , disesakeun saeutik di luhur,( gaya gogon), ketu ngalogoran, subuh subuh poean ied, recet di pancuran , di alangir, tiris teu dirasa, rap baju weuteuh, di sarung ,can lumrah di calana panjang , ongkoh di ketu , tapi sirah ku limis make pomade cap jegang,eta minyak rambut nu cepukna tina kaleng lonyod gambar istri nu ngajegang, payuneun menara efel ,budak bujang mah disagigireun kulimis di pomade teh ngahaja peutingna di caratok , muhun eta besi di deang dina cempor panas -panas diantelkeun kana buuk atuh rada merengkel niron niron gaya elvis rambut galing muntang tapi bau hanus, he heh ,
dangdosan barudak awewe rada onjoy, wedak saripohaci, gincu , sabun cap manuk (colibrita) geus dinagna nengne pakeeun lebaran,somah mah prah wae, dangdanan nana teh saragem, boh corak boh potongan, nu rada onjoy teh nu kaitung jare,gud atawa putra-putra menak, laluis di poni, atawa rambut nu kepang dua ,erok panjang nengahan bitis, ngelek sajadah jeung mukena, mangsa rek ied, damis camohok, lambey beureum ku gincu, meleber sengit sabun cap manuk farfum kolonyo,
Bubar ied, barudak muru imah sewang sewangan , nguah kupat ku opor hayam, parebut tumpi da , di dinya aya duit kencring, muhun duit kencringteh digoreng sapertos kacang atawa suuk,.


eta ceuk, duit kencring teh di hijkeun jeung kacang atawa suuk , digoreng, parebut barudak teh moro gorengan da aya artosan, bubar nguah , hahampuraan jeung tatangga, baraya , pikeun kuring harita sasalamn teh identik menta salam te,mpel, teu aya pikiran nu jauh komo juuh ku cimata, jigrah we da saku merekis, bari ngadengekeun, dor darna merecon,sungut ngabusey barang dahar, malah mah kabeh dieunakeun mangsa geus rada gede mimiti di ajar udud teh kan poean lebaran ku roko bodas merek Kansan , Ardath, atwa Golbond da roko karetek merek Gudang Garam,Gerendel , Jambu Bol, atawa cap Jarum mah teu kuat banget pisan,
Jam sapuluh, saat yang ditunggu , matini show di bioskop, pagelek gelek ngantay karcis, kabagean karcis kelas tilu, panghareupna lalajo teh nyeri beuheung da tanggah.
aya nu kaliwat,. samemeh ulin nyekar heula ka kuburan, ngariung kuburan karuhun sewang sewangan, raeng barabacaan, rampe mayakpak luhureun kuburan, nu tembokna sababaraha poe katukang ngahaja di kapur, barodas waas, rambisak luhureun pajaratan, bari neneda sangkan arwah alam kubur sing kenging kasinugrahaan wur rampe, cur di banjur ku cai tina gendul, hempak inget kana diri yen urang teh rek balik sarua jeung karuhunna,barudak euweuh nu wani heureuy husu, nurutan kolotna, ke ngopi heula sakeudeung,da kuring mah ti kulawarga biasa, lebaran teh nya kitu we,basajan tapi teu ngaleuleungit kaasup rudin atawa nu nampa zakat fitrah mah hanteu, alhamdulillah, ngan sok bati kabita bae ,nempo tatangga nu arusa,ha di Jakarta di surabaya, barudakna teh rada onjoy,boh pakean atawa dahareun, biasana marulangna tanggal lilikuran, imah nu biasana comrek,jadi haneuteun , maruka oleh oleh bari lalajo TV hitam putih, barudak ngaliud di buruan narongton, naroong tina jandela,!
Ubyagna, neupi ka 3 poe sabada lebaran, mangsa mulang deui , biasa , sok katangen, sok datang ka ema, tingkarecewis,.teu openan, ngan geus gede rusiah , ngeclok jang ongkos,. harianeun boro mah jadi panyirikan .
Sapoe tutas lebaran, sukan sukan biasana ulin ka Pangandaran atawa ka tempat ulin sejenna nu bariasa oge maksakeun pajar lebaran teu ka Pangandaran,saperti ka Mekah teu ka Madinah cenah, ngabrul jeung biasa naraek treuk di deklitan, sapanjang jaln nu sirik ting jorowok:" domba Garuuut, ' teu ieuh jadi nafsu, malum, ,llebaran,ngojay botram , nu resep numpak si kuik, loba torowongan , kasempetan pikeun budak bujang nu ka Pangandaran ,,,jeung bebenena,ngaliwat Cikacepit pageuh muntang, duka paur duka ngahaja,.
Pamungkas
mangsa geus rimbitan, lebaran teh beda suasana, nu biasana ngarenghik barang penta ka kolot, ayeuna nu direnghikan, pedah can boga baju lebaran, sapatu, sendal, kendaraan, hp sagala rupa jaba hayang sing sarwa weuteuh,tihothat ne,angan pakeunna , di pangloh karunya ras keur budak,. Nempo barudak nu aya pakeunna , katembong saruka bungah , kuring cimekblek, ngadingdiut. Eueuriheun, teu wasa nempo barudak , tanggal lilikuran, can boga baju weuteuh, sedeng tatanggana geus ijigimbrang mamerkeun pangabogana,badami jeung patih goah, duit tabungan hari raya , sumpal sempil tina gajih digundukeun , berhitung,. Baju barudak, bereeun ka adi-adi, mitoha jeung kolot sorangan,zakat sodaqoh ka tatangga, mulek,ngabebek-bebek duit, tapi alhamdulilah zakat ka bayar,barang bere cumpon, budak pamentana nu kadada kaduga mah kacumponan,. Mun aya budak rada ngadat teu beunang dipersabenan. cukup we nyarita:” Bapa jeung Ibu teh kudu korupsi atawa anjuk hutang eukeur ujang, urang mah lain si itu si eta , lain pajabat,nu di barere hadiah ti ditu ti dieu “peun weh, barudak caricing duka kahartieun duka kumaha, jeun teuing ah, da pasti kahartieun embungeun sigana gara-gara kudu nedunan kahayangna kudu diberok atawa diudag-udag ku hutang mah, he heh
Pikeun kuring kiwari lebaran teh sabisa –bisa kudu jadi idul fitri,jongjon mungkas puasa ku biwir baseuh nyebut Maha Agungna Alloh, ti syawal neupi ka lamun diparengkeun deui panggih jeung romadon taun isuk, hate istiqomah aya dina kafitrian nu sajati, teu kotor deui ,kotor deui, eta cenah barudak , da Insya Alloh saluyu jeung umurna asal hade ngadidikna piraku sugan,kuring oge baheula kitu,
Allohu Akbar walillahil hamdu,!
cag

1 komentar:

  1. Wah panjang oge ningan Kang.

    Sareng ku matak nineung waktos kapungkur di lembur....

    http://ciburuan.wordpress.com/2011/08/23/dahareun-jeung-maleman-lilikuran/

    BalasHapus