Karek oge ngaluarkeun beca , Bi Itoh pamajikan Mang Endang hariweusweus ngabejaan Pa Kardian maot .
“Iraha cenah emana maotna ?” Mang Endang nanya .
“Ceuk si Agus mah bieu ... tabuh genepan, di rumah sakit !” jawab bi Itoh
“ Wayahna wae emana kula moal waka balangsiar rek ngalayad heula , peuperiheun waktu di Rumah Sakit teu ngalongok...” ceuk mang Endang , bari buru-buru nyurungkeun deui becana ka pipir imah.
“Heg ... jung bae ti heula kami mah engke bae bareng jeung si Titi !” Bi Itoh ngajurungkeun.
Enya bae ... barang mang Endang datang ka imah Pa Kardian, jelema geus ngagimbung... bari tamba kesel ngarobrol , rereana ngobrolkeun kahadean almarhum.
“Waas nya eta hartana nu ngaleuya bagean Cep Udung we ..putra hiji-hijina da ibuna mah tos lami pupusna!” ceuk nu baju biru
“ Jauh tanah ka langit nya Bapa jeung anak... !” ceuk nu baju batik
“Ari kitu?” nu baju koko nanya.
“ Al marhum mah kumaha berehananana.. jeung teu kekedemes kana dunya teh ,benten jeung putrana babadug, totojer, sisiku, leletak kana dunya teh mani siga nu moal maot...”si baju batik ngajelaskeun.
“Ka gegeringan ku putra Pa Kardian mah .. boga anak ngan saese teh .. hese pisan dipapatahanana!”
“Emh watir ka al marhum ... palias eta harta warisan ku putrana di pake teu pararuguh!” lalaki tengah tuwuh mairan.
“ Mudah-mudahan we ulah”! si baju koko ngaminan.
Heong.. ambulan asup ka pakarangan.... rob jelema pada muru ... pada hayang nempo... Pa RT cuh cih paparentah..... Layon digotong tina ambulan di ka imahkeun rob jelema metet di lawang panto, Hansip popolotot ngatur jelema..... ear nu careurik jeung midangdam...!
Dimandian... lancar teu aya naon-naon.... barang rek di bungkus...cep Udung ngadeukeuten amil.
“ Pa Amil aya wasiat ti pun bapa... mun bapa maot peupeujeuh pang makekeun dina awak bapa ku barang anu di pikameumeut ku bapa... ieu barangna.. !” Ceuk cep Udung bari song ngasongkeun bungkusan , rapih malah di lak sagala.
“Cikan buka...!” parentah Amil
Barang dibuka horeng barang nu dipikameumeut teh ngan sakadar kaos kaki butut sabeulah... !
Dur der parebut faham ... kudu dipakekeun da wasiat. Ulah dipakekeun dan euweuh conto jeung teu nyunah ... prosesi mungkus kateug ... amil pacental-cental jeung cep Udung, RT nitah si Idin neang Ajengan ....Ajengan sumping... cep Udung beuki neungtreung...!
“Peupeuriheun nuju jumeneng na abdi koret ka sepuh teh... cing atuh pilakadar ngalaksanakeun wasiat ... na mani teu aya dispensasi pisan.. “!cep Udung lumengis
“ Sakali teu tiasa ... teu tiasa .. da teu aya conto... “!Ajengan mere putusan.
Cep Udung nguyung...Amil elekesekeng.. . Ajengan keukeuh dina putusanana.
“Manawi abdi diwidian masihan bongbolongan ... !” Mang Endang nyelendep ka hareup.
Ajengan rungah –ringeuh... tapi teu burung unggeuk.
“Kumaha wasiat tuang rama teh cep”! mang Endang nanya ka cep Udung.
Bari arat at- eureut eut cep Udung nyaritakeun wasiatna:
“Jang bapa wasiat ka hidep... bapa teh boga barang nu ngandung sajarah ...barang warisan ti aki hidep... peupeujeuh mun bapa maot... pangmakekeun dina layon bapa... !” cep Udung ngabejakeun wasiat bapana.
“Mana barangna.. ?” Mang Endang nanya.
“Ieu .... !” Amil hideng nyodorkeun.
‘Cep... ieu mah wasiat aheng... teu dilaksanakeun ka tuang rama oge ..insya alloh moal matak janten dosa, emang ngajamin.. ieu .. mah wasiat ka encep... yen sakumaha jugalana harta... horeng geuning harta nu meunang dug-dug sek paeh poso neanganana, leletak. Sisiku , babadug dug hulu pet solat waktos maot mah teu aya nu di bawa... sok sanaos mung sakadar kaos kaki butut sabeulah oge...! mung sakitu .. geura bungkus Pa Amil... geus beurang yeuh kula can balangsiar...neangan kabutuh poe ieu ... meungpeung hirup .. dan teu ngajamin poe isuk kula masih hirup... mun waktuna nyalatkeun jeung nguburkeun kula teang di parapatan... permios nun... “! Mang Endang mungkas .
Tasik. Tengah poe keu meumeujeuhna bayeungyang 04 mei2010
Keur saha bae... bebas lah !
Tidak ada komentar:
Posting Komentar