Kamis, 11 November 2010

غُرَبَاء
Orang yang terasing
غُرَبَاء…….
غُرَبَاء وَلِغَيْرِ اللَّهِ لاَ نَحْنِي الجِبَاه
ghuraba..
Kami (ghuraba) tidak bersujud kepada selain Allah..
غُرَبَاء وَارْتَضَيْنَهَا شِعَارًا لِلْحَيَاة
ghuraba..
Kami telah rela memilihnya sebagai jalan hidup..
اِن تّسَل عَنَّا فَإِنّا لاَ نُبَالِي بِالطُّغَاة
Jika kalian bertanya kepda kami, Sungguh kami tidak takut kepada tirani..
نّحْنُ جُنْدُ اللَّهِ دَوْمًا دَرْبُنَا دَرْبُ الاُباة
Selamanya kami tentara Allah.. Jalan Kami adalah jalan yang dilindungi..
غُرَبَاء…….
لَنْ نُبَالِي بِالْقُيُود بَلْ سَنَمْضِي لِلْخُلُوْد
Kami tidak peduli dengan belenggu.. Bahkan Kami akan terus melanjutkan selamanya..
فَلْنُجَاهِد وَنُنَاضِل وَنُقَاتِل مِنْ جَدِيد
Maka mari kita berjihad, bertempur dan berperang sedari awal..
غُرَبَاء هَكَذَا الاَحْرَارُ فِي دُنْيَا العَبِيْد
Ghuraba..adalah orang-orang yang merdeka di dunia yang diperbudak..
غُرَبَاء……
كَمْ تَذَاكَرْنَا زَمَانًا يَوْمَ كُنَّا سُعَدَاء
Seberapa kali kami ingat, hari ketika kami merasa bahagia…
بِكِتَابِ اللَّهِ نَتْلُوْهُ صَبَاحًا وَمَسَاء
Demi KItab Allah, yang kami baca di waktu pagi dan sore hari..

Rabu, 10 November 2010

BENGRAS KU NYINGREUP KARINGET

BENGRAS KU NYINGREUP KARINGET



[maskumambang]



nabi ya'qub anu nuju sedih kingkin

emut ka putrana

yusuf nu janten kakasih

ilang taya dikieuna



nalangsa teh karaosna nurih ati

parat kana soca

duanana teu ningali

tapi amarah ditahan



kocap yusuf tos janten gegeden mesir

anjeuna uninga

tuang rama teu ningali

kaleleban ku dirina



'he utusan anjeun geuwat geura balik'

tah gamis kawula

rungkupan pameunteu 'apih'

supaya socana netra



nabi ya'qub ngangseu anu ngahiliwir

anjeuna uninga

najan putra teu nghajirim

karingetna apal pisan



barang rup teh raray dituruban gamis

bray socana caang

ningal sapertos bihari

ku kersaning nu kawasa

Selasa, 09 November 2010

1:0=∞

1:0=∞

Hartosna: 1 dibagi 0 hasilna ampir ngadeukeutan kana “tak terhingga”,

upami urang ngaku Pangeran ka Gusti Alloh anu Maha Tunggal (Al-Ahad)

,tuluy urang neundeun diri urang salaku hamba Alloh,kalawan nga”zero”keun diri urang di payuneun Anjeu-Na,

atanapi nyucikeun hate ...maka urang bakal nuju kana taqorrub kana Kakuatan Sang Maha “tak terhingga” hartosna Gusti Alloh bakal nulungan ka urang ku kakuatan-Na anu luar biasa..!

.(Renungan 1 Rayagung 1431 H)

En:∞=0

En:∞=0
Oleh Endang Moek · sekitar satu menit yang lalu

En:∞=0

Hartosna:Sakabeh bilangan Energi Emosi upami dibagi ku bilangan Tak terhingga hasilna pasti 0,Sakumaha gedena oge masalah anu karandapan,lamun urang emut kana ka Agungan Alloh, maka emosi urang bakal jadi normal,

Sabtu, 06 November 2010

MUSIBAH
oleh Mang Jojo pada 06 November 2010 jam 14:30

KATUTUG KARINTUG

[maskumambang]
I

sok bareda mun napsirkeun hiji ciri

tanghara ti alam

aya anu make mistik

anu lian mah logika


ti tsunami gunung bitu reujeung lini

nepi kana caah

anu datang piligenti

dima’naan rupa-rupa



anu mistik nyangkana teu aneh deui

totonde keur urang

diurang teh rea jurig

nyiliwuri dimamana



ku logika anu apal geologi

jeung geopisika

ieu mah mangsana robih

alam teh nuju nguliat



aya deui nu mikir tina agami

nanggeuh kana ahlak

diparok aturan gusti

cenah loba sulayana



teu kapikir ku kuring jalma nu leutik

tapi balukarna

karasana geuning peurih

nalangsa satiap mangsa



nu katutug karintug na unggal wanci

ti mangsa keur budak

pangalaman kudu ngungsi

geus kolot ge karandapan



II



tuntas lini imah bencar doyong miring

sawah kacaahan

badan ge kalentab geni

ingon ingon kabeh bangkar



banda ledis kebon ruksak badan rudin

di berok di tenda

saha nu teu sedih kingkin

tamaha nampa kasusah



ka tenda teh kamari aya kiyai

anu ngaleleran

sing sabar narima nasib

supaya dosa marurag



enya atuh dalah rek kumaha deui

iwal ti tawakkal

muntang mah anging ka gusti

ka anjeuna abdi pasrah.





skmi-04112010

Rabu, 03 November 2010

Istiqomah

Your life in the present moment is in between the past and the future. So what has preceded
can be rectified by tawbah (repentance), nadam (regret) and istighfar (seeking Allaah’s
forgiveness). And this is something that will neither tire you, nor cause you to toil as you would
with strenuous labour. Rather it is an action of the heart. Then as regards the future (then it can
be corrected) by withholding yourself from sins. And this abandonment is merely the leaving of
something and to be at ease from it. This also is not action of the limbs, which requires you to
strive and toil. Rather this is a firm resolve and intention of the heart – which will give rest to
your body, heart and thoughts. So as for what has preceded, then you rectify it with repentance.
And as for the future – then you rectify it with firm resolve and intention. Neither of these
involves any hardship or exertion of the limbs. But then your attention must be directed to your
life in the present - the time between two times. If you waste it, then you have wasted the
opportunity to be of the fortunate and saved ones. If you look after it, having rectified the two
times – what is before and after it, as we have said – then you will be successful and achieve
rest, delight and ever-lasting bliss. However, looking after it is harder than that which comes
before and after it, since guarding it involves keeping to that which is most befitting and
beneficial for your soul, and that which will bring it success and well-being.
1

Selasa, 02 November 2010

Papatah Kolot Baheula

Papatah Kolot Baheula

ku: Raden Wiraatmadja Suriaatmadja pada 02 November 2010 jam 15:31

* Alam nirwana, alam asal, poe panjang, Nagara tunjung sampurna, nu baheula ka
alaman, ngan kahalangan ku poho, sabab poe kamari lain poe ayeuna. (Akherat)
* Wayang nyaeta gambaran kahirupan manusa Nu dipipindingingan ku silip sindir,
dihalangan ku siloka sareng sasmita, kalayan dirimbunan ku gunung simbul.
* Geus loba pangarti nu kapimilik, pangabisa nu geus kapibanda, elmu nu geus
katimu. kari diamalkeun
* Mipit amit, ngala menta, nyukcruk walungan, mapay wahangan, nete taraje,
nincak hamalan, ipis lapis, kandel tapel. (malapah gedang)
* Sing waspada jeung permana tinggal. (Waspada)
* Inditna ulah ngagidig, nyokotna ulah ngaleos, mawana ulah ngalengkah.
* Meredih tina ati, menta tina manah. Menekung kanu Maha Agung, muja brata kanu
Maha Kawasa
* Pasti teu bisa dipungkir, kadar teu bisa di singlar, papasten nu tumibar.
* Sing bisa nilik kana diri, bisa ngukur kana kujur.
* Elmu teh bakal ngancik tinu nyaring, bakal cicing dinu eling
* Niti wanci nu mustari, ninggal mangsa nu sampurna, kahirupan di dunya taya
lian keur taqwa.
* Bagja dimana boga sobat medok, istri denok, sawah ledok.
* Nu geulis jadi werejit, nu lanjang jadi baruang.
* Nyukcruk galur nu kapungkur, mapay laratan anu baheula, nitih wanci nu kamari,
ninggang mangsa nu sampurna. Sanajan urang beda tapi sarua, sanajan teu
ngahiji tapi sa ati, milari ridho gusti nu Sajati.
* Tunggul tong dirurud, catang tong dirumpak, hirup katungkul ku umur, paeh teu
nyaho dimangsa. Sing inget kana purwadaksi, purwa wiwitan, daksi wekasan.
Hartina sing apal kana diri, asal timana?, cicing dimana? Balik kamana?
* Urang teh bakal pinanggih jeung poe akhir, nu ngandung harti poe pamungkas,
raga ditinggalkeun nyawa, maot pingaraneunana. Bakal digiring kurung keur
kuring, bakal dibulen saeneng-eneng, bakal ngagebleg deui jeung mantena.
* Hirup katungkul ku umur, paeh teu apal dimangsa, numatak rinik-rinik kulit
harti, cicing harti ngawincik diri, mun nyaah kana raga sing nyaho kana dasar
agama.
* Positip x posotip= positip. Negative x negative= positip. Positip x
negative=negative. Nu bener dibenerkeun eta bener, nu salah disalahkeun eta
bener. Nu bener disalahkeun eta salah, nu salah dibenerkeun eta salah.
* Ratu tara ngahukum, raja tara nyiksa, melak cabe jadi cabe, melak bonteng jadi
bonteng, melak hade jadi hade, melak goreng jadi goreng.
* Ulah taluk pedah jauh, tong hoream pedah anggang, tong cicing pedah tebih jauh
kudu dijugjug, anggang kudu diteang, tebih kudu di sungsi


* Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay tangan
* Neangan luang tipapada urang
* Ulah nyaliksik ku buuk leutik
* Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina
purwadaksina
* Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian
* Bengkung ngariung bongkok ngaronyok
* Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang
* Hirup di alam dunya sembaheun anging Gusti nu kagungan urang sadaya, nu
ngajadikeun bumi, langit, sawarga, naraka jeung sagala eusina
* Hate nu Kalingkung ku wawangunan, kalingker ku papageran.
* Miindung ka waktu, mibapa ka zaman